TANAH PURBA KARAWANG
TANAH PURBA KARAWANG
SYECH HASANUDIN BIN YUSUF IDOFI
1416
SAJARAH TANAH PURBA KARAWANG
Sajarah ieu nyarioskeun Syech Hasanudin Bin Yusuf Idofi ( Syech Quro ) nu asalna ti nagri campak ( kamboja ), sumping ka tanah karawang wilayah Pajajaran dina tahun 1416 Masehi, nu kawitna ti cirebon saparantos aya larangan ti Prabu Angga Larang Raja Pajajaran. Ti Cirebon Syech Quro angkat ngangge parahu sareng parasantrina. Malahan aya hiji santri wati Syech Quro anu ngiring ka karawang putrina Ki Gedeng Tapa Muara Jati nya eta Nyimas Subang Larang.
Sasumpingna di karawang tepatna di Pantai Cilamaya nyaeta di Pasir Putih, teras Syech Quro Masanggrahan ngadegkeun wawangunan paranti di ajar ilmu agama islam. Loba pengikutna nu timana mana daratang hoyong di ajar agama islam ka Syech Quro. Dina syiar agamana Syech Quro dibantu ku parasantrina di wilayah Cilamaya.
Teras Syech Quro pindah tempat deui ka sisi pantai pulo kalapa , Syech Quro Ngabangun deui tempat kanggo diajar agama islam sareng santriwatina Nyimas Subang Larang, Syech Gentong, di pulo kalapa loba pisan nu timana mana daratang di ajar elmu agama islam. Ti pulo kalapa Syech Quro pindah tempat deui ka wilayah Alun Alun Karawang ayeuna turun diwilayah pelabuhan citarum karawang. Didinya Syech Quro ngadamel tempat deui sareng masjid alit kanggo sholat di ajar agama islam. Ka kenal kamana mana PESANTREN QURO .
Ti unggal wilayah timana mana daratang ka karawang di ajar agama islam ka Syech Quro, nugaduh sahadat buhun Karawang Nyaeta Syech Quro. Samemeh ngajarkeun agama islam teh di ajar sahadat buhun hela , ningali suasana waktu jaman harita, tos arapal ka buhun nembe Syech Quro ngajarkeun Sahadat Islam nu disebat Duakalimah Sahadat. Syech Quro dina dakwah islamna ku pendekatan ningali adat sareng budaya satempat, makana Ajaran nu di bawa ku Syech Quro ka karawang di tarima ku warga masyarakat karawang .
Dina tahun 1418 syech Quro ngadamel Mejid Agung Karawang. Karawang gaduh dua mesjid sa tempat. Saparantosna pangwangunan beres Syech Quro makin luas gaduh tempat kanggo dakwahna. Setiap poe jumat isuk warga karawang kumpul di alun alun Mesjid Agung nampi dakwah Syech Quro siangna teras di ajak sholat jumatan. Tos hampir sadayana urang karawang parindah kayakinan ka agama islam kawitna ti agama Hindu – Budha. Dina syiar agama islam di karawang Syech Quro kenging dukungan ti masyarakat karawang. Pondok Pesantren Quro ( Marifatullah ) tos dimana mana di wilayah karawang, aya kabar ieu kadangu ku Raja Pajajaran Angga Larang. Tetep Raja Angga Larang teumenang Syiar Agama Islam di wilayah kerajaan Pajajaran sabab Agama Raja Angga Larang hindu. Raja ngutus utusan kudu ngadatangan Syech Quro. Ahirna utusan angkat ka karawang, nu angkat nyaeta Raden Pamanah Rasa Putra Mahkota Pajajaran. Sasumpingna Raden Pamanah Rasa ka Syech Quro. Eta tugas ti nujadi Raja Angga Larang teu bisa di laksanakeun kanggo ngalarang syiar agama islam ka Syech Quro, kusabab Raden Pamanah Rasa ningal Santriwati Syech Quro nyaeta Nyimas Subang Larang.
Raden Pamanah Rasa boga hate resep jeng bogoh ka santriwati Syech Quro Nu jenenganna Nyimas Subang Larang Bin Ki Gedeng Tapa Muara Jati, akhirna raden Pamanah Rasa Ngalamar Nyimas Subang Larang Ka Syech Quro. Hasil babadamian antara Syech Quro sareng Nyimas Subang Larang dina perkawis Lamaran Raden Pamanah Rasa, Syech Quro ngadugikeun pamenta Nyimas Subang Larang ka Raden Pamanah Rasa nyaeta nyuhunkeun mas Kawinna Bentang Kekertian.
Kaselang carita Lamaran Karawang teu kungsi jadi perang. Dina carita Karawang teu jadi perang nyaeta aya satria nu ngadangu Nyimas Subang Larang aya nu Ngalamar nya eta Raden Amuk Marugul. Akhirna Raden Amuk Marugul sadar. Rehna Nyimas Subang Larang di Lamar ku Raden Pamanah Rasa.
Raden Pamana Rasa naroskeun ka Syech Quro Dupi mas kawin nu namina BENTANG KEKERTIAN teh naon....??? Syech Quro ngawaler Bentang kekertian eta ayana di tanah Suci Mekah nagri arab penganutna agama islam sadaya mangga candak diditu ayana...... Raden Pamanah Rasa Nyanggupan bade nyandak Eta maskawin. Ku elmuna nu luhung, elmu ti Agama Hindu Raden Pamanah Rasa akhirna dugi ka tanah suci mekah. Di mekah Raden Pamanah Rasa amprok jeng aki aki penyamaran ( Mamalihan ) ti Syech Quro.
Raden Pamanah Rasa naroskeun ka aki aki Mamalihan ti Syech Quro naroskeun Bentang Kekertian teh Naon...??? jawab aki aki bentang kekertian teh tasbeh paranti ngitung dina wiridan umat islam. Raden Pamanah Rasa Bingah bingah bakal bisa nyumponan maskawin pamenta Nyimas Subang Larang, Saking semangatna Raden pamanah rasa sa entosna nampi eta Bentang Kekertian ti aki aki mamalihan Syech Quro teras pamit bade ngabelesat balik ka karawang, Raden Pamanah Rasa teu ngabelesat belesat mugen wae di tempat eta tos tetenjrag oge angger teubisa mangkat balik.
Raden Pamanah Rasa tos putus asa ka bingungan teu bisa balik, terus sanduk sandu ka aki aki mamalihan Syech Quro, kunaon teu bisa balik. Aki aki malah mesem wae ningali Raden Pamanah Rasa tetenjrag wae ka bumi. Aki aki mamalihan naroskeun ari tetenjrag bumi bari komat kamit eta naon maksudna..... Saur Raden Pamanah Rasa ieu elmu kaula paranti mamangkatan jauh. Saur aki aki mamalihan naroskeun deui Hebat pisan eta elmu anjeun ti karawang ka mekah sakedap netra bisa aya di mekah Agama naon anjeun salersna... raden pamanah rasa ngawaler agama kaula Hindu.
Aki aki mamalihan Syech Qura mesem wae....aki aki mamalihan ngajelaskeun ka Raden Pamanah Rasa ... yeuh ieumah Mekah tempatna Agama urang Islam, anjeun moal bisa balik lamun make elmu anjeun nu aya ayeuna. Raden Pamana Rasa Ngahuleng sareng naros,,, kudu kumaha atuh,,,, saur aki aki mammalihan Syech Quro kedah pindah kayakinan kedah nganut ajaran islam maca dua kalimah sahadat lamun anjeu hayang balik.
Akhirna Raden Pamanah Rasa Ngucap dua kalimah sahadat di islamkeun heula ku aki aki mamalihan Syech Quro.Raden Pamanah Rasa janji ka aki aki mamalihan bade meluk agama islam salamina jeung katurunanna. Teras Pamanah Rasa di bejaan ku aki aki mamalihan Syech Quro ngucapkeun Basmalah nenjrag bumi langsung ngabelesat wae jeung dugi ka karawang.
Tah Bentang Kekertian nu disuhunkeu kanggo maskawin teh mung siasat Syech Quro sareng nyimas subang larang. Nu intina Raden Pamanah Rasa kedah asup islam hela, Syech Quro sieun Raden Pamanah Rasa Ngamuk lamun langsung sinah pindah agama ka islam pindah kayakinan ti agama hindu, Syech Quro bingung ngawinkeunna beda kayakinan lamun Raden Pamanah Rasa masih agamana Hindu.
Nu akhirna tahun 1422 Masehi Raden Pamanah Rasa resmi nika sareng Nyimas Subang Larang nu ditikahkeun ku Syech Quro nu jadi panghuluna. Tempatna di Mesjid Agung Karawang. Akhirna Nyimas Subang Larang di candak Ka istana ku Raden Pamanah Rasa. Raden Pamanah Rasa Langsung di nobatkeun janten Raja Pajajaran Nu gaduh gelar SILIWANGI. ( Parbu Siliwangi )
Teu lami Syech Quro na nikah sareng urang karawang putrina Ki Gedeng Karawang. Nu namina Ratna Sondari. Dina pernikahanna eta Syech Quro gaduh putra nu jenenganna Ahmad. Kacarioskeun Syech Ahmad ieu anjeuna jadi penghulu mimiti di karawang. Di nobatkeun ku Ramana nyaeta Syech Quro
Kacarioskeun perjalanan dakwah Syech Quro di karawang lami pisan malahan kasumpingan ku jajaka sareng wanoja nu bade di ajar agama islam , murangkalih sapasang eta nyaeta murangkalih Raden Pamanah Rasa ( Parbu Siliwangi ) sareng Nyimas Subang Larang. Nu jenengenna Raden Walangsungsang ( 1423 Masehi ) sareng Nyi mas rara santang.( 1426 Masehi ).
Pernikahan Raden Pamanah Rasa Siliwangi sareng Nyimas Subang Larang gaduh katurunan nu jenengana :
Raden Walangsungsang 1423 Masehi
Nyimas Rara Santang 1426 Masehi
Raja Sangara 1428 Masehi
Akhirna Pesantren Quro di urus ku putrana Syech Quro nyaeta Syech Ahmad sareng Santri – santrina Syech Quro nu Tos barisa, Syech Quro angkat kapulo bata ka tempat pasantren nu di urus ku Syech Gentong .tos lami Syech Quro di pulo bata, singkatna tos cunduk kana waktu Syech Quro Ngahiang di eta patempatan, mung didinya masihan ciri tumpukan bata sareng sumur awisan tilas di gunakeun wudhu para santri pondok pesantren. Pasantren tos kosong nu timana mana tos marulang ka wilayahna sewang sewangan tos di anggap bisa ngalap elmu agama islam.
Kacarioskeun Makom / Petilasan Syech Quro sareng Makam Syech Bentong kapendak ku Sumaredja Alias Ayah Jiin Alias Pangeran Sambri sareng SyechTolha anu di tugaskeun ku Kesultanan Cirebon piwarang milaraian makom Syech Quro dina tahun 1859 Masehi. Nu tepatna Di Desa Pulo Kalapa kp. Pulo Bata Kecamatan Lemah Abang Wadas Kabupaten Karawang.
Syiar agama islam karawang umumna tanah pajajaran diteraskeun ku putra sareng putrina Prabu Siliwangi hasil pernikahan ti Nyimas Subang Larang. Sareng Sunan Gunung jati ( Wali 9 ). Tah ucap Syech Quro nyata ayana. Rehna waktos di usir di Cirebon ku Raja Angga Larang rehna Saur Syech Quro nu Bakal Ngalanjutkeun syiar agama islam teh bakal katurunan ti Pajajaran.
Dina ngungkap sajarah tanah purba karawang penulis henteu nyaritakeun Rundayan silsilah keluarga ti Syech Quro langsung wae medar carita nu kabuktian perjalanan Syech Quro di nagri karawang. Sareng henteu nyarioskeun kana Paninggalan kerajaan Tarumanagara. Seperti candi sareng kelenteng makupoh.
Hatur bae carek penulis nyuhunkeun di hapunten boh bilih seu’ eur kakiranganna dina ngadadarkeun sajarah ieu.....
Lumayan bacaeun kanggo nambihan wawasan nu acan terang kana sajarah ieu,,,, Saparantos carita sajarah TANAH PURBA KARAWANG ieu bade di lanjutkeun kana carita sajarah BABAD TANAH KARAWANG. Haturnuhun.................
KIDUNG KARAWANG ( sunarya )
Komentar
Posting Komentar